RSS

Biografi Pun Bapa

                   Sudiro..anjeun bapa abdi anu abdi deudeuh sapisan pisanan hehe. Yuswana 64 taun. Putra ka tilu ti lima sadulur. Putra ti bapa Darmaji sareng Ibu Maemunah. Bapa tos jadi pahatu lalis ti anjeun sakola sd. Ayeuna,anjeun tinggal di Jakarta. Samemeh tinggal di Jakarta bapa ngalih-ngalih wae kusabab padamel dinas.

                Ayeuna bapa tos pensiun ti Pagawai Swasta di wewengkon Jakarta. Babaran pendidikan bapa teh ti SD,SMP,sareng SMA. Anjeun ngarasakeun dunya pendidikan di wewengkon Kebumen,Jawa tengah. Kusabab jamam bapa alit tinggalna di Kebumen. Anjeun teh loba bakat pisan. Bakatna oge nurunkeun ka putrina nyaeta Abdi hehe. Abdi sareng bapa resep pisan kana kagiatan olahraga. Saparantos teu kerja,ayeuna bapa jadi palatih golf.

Bapa jalmi anu sabar pisan sareng deudeuh pisan ka putrina. Kusabab eta, dugi ayeuna bapa teh awet anom. Anjeun bapa anu hebat sareng sagalana kanggo abdi.

0 komentar:

Posting Komentar