RSS

Lima Menit Langkung Caket sareng Réréncangan Abdi


Ti abdi kelas 7 SMP,abdi parantos sakelas ti babaturan abdi anu namina Fitri Firdayanti Johan. Fitri Firdayanti anu tiasa dilandi Fitri. Tatapi abdi sareng Auli ngalandi Fitri  téh Fitray (Fitri Alay). Ceuk anjeun hartos nama Fitri téh nyaéta suci,Firda nyaéta jujur,Yanti téh répéhrapih. Jadi,lamun dihijikeun hartosna nyaéta budak anak suci,jujur anu ngadamel répéhrapih aamiin.  Fitri sareng kaluargina tinggal di Jl.Azimar 1 No. 20 Perumnas Bantarjati Dayeuh Bogor.  Fitri babar di Tasikmalaya kaping  10 Desember 1998. Fitri putri ti Bapa Johan sareng Ibu Lely Susanti. Anjeunna budak kahiji ti dua sadulur. Anjeunna gaduh hiji rayi lalaki anu namina Rizal Fathurahman anu yuswana genep taun. Kaluargi Fitri téh gaduh usaha bordir mesin di wéwéngkon Bantarjati.                       Fitri ayeuna sakola di salah sahiji sakola anu kondang di Jawa,nyaéta Sekolah Menengah Analisis Kimia Bogor anu disingkat SMAKBO. Fitri saréng abdi bénten sataun yuswana. Ayeuna Fitri kelas dua sami saréng abdi. Riwayat pendidikan Fitri téh nyaéta :
·        TK        : Tunas Mulia
·        SD       : SD Negeri Bantarjati 6
·        SMP     : SMP Negeri 3
·        SMA     : SMK-SMAK Bogor (SMAKBO)
            Dina SMP kelas salapan saparantos UN,Fitri teh salah sahiji jalmi anu NEM UN na pangbadagna katilu sa SMP Negeri 3 Bogor. Anjeun téh réréncangan abdi anu pinter,getol,geulis,solehah sareng bageur pisan. Dina SMK na,Fitri ngiring organisasi Paskibra sareng Pramuka. Ayeuna anjeun cekap nyalonkeun PP (Persatuan Pelajar). Sakola SMA/SMK di SMAKBO mah bénten sareng sakola anu lain. Ku sabab pendidikanna opat taun lain tilu taun. Hiji taunna téh dimangpaatkeun ku PKL.                            
Abdi sareng anjeun téh gaduh kahoyong anu bénten pisan. Fitri mah hoyong jadi analisis kimia atawa nuklir. Lamun abdi? Ah ulah disebutkeun hehe. Mugi-mugi kahoyong Fitri téh tiasa kahontal pados ngabagjaan kaluargina aamiin saréng dina sabaraha taun deui urang sareng Fitri tiasa jadi orang anu sukses.    


1 komentar:

Anonim mengatakan...

How To Make Money On Sports Betting
Online sports betting is available for a casinosites.one whole host of US www.jtmhub.com and European sports https://jancasino.com/review/merit-casino/ betting markets. Some US states, like jancasino Louisiana and New หาเงินออนไลน์ Jersey, allow

Posting Komentar